Minggu, 13 September 2015

Biografi rerencangan caket

Assalamu'alaikum Warrahmatullahi Wabarakatuh

Anu katilu Abdi bade midamel biografi rerencangan caket abdi Ngaranna Putri Nadya tiasa dilandian Putri anjeunna rerencangan abdi pas di smp Nadya babar di bukittinggi 3 desember anjeunna ngagaduhan 1 rayi, jenengan Puja Yanti.

Alhamdulillah Anjeunna ngagem agama islam Riwayat atikanana, nyaeta Tk na di TK Pembina Bukittinggi, Sd na di SDN 14 ATTS Bukittinggi. Atts téh kapanjangan ti " Aur Tajungkang Tengah Sawah " Eta mangrupa nalika minang, pas Smp na namina SMPN 4 Bukittinggi, sarua jeung abdi. Nanging abdi mah ngan 2 taun sakola di ditu.. pas sma si Nadya sakola na di SMAN 2 Bukittinggi.

Hobi si Nadya téh Hobi si nadia. Ulin bal basket. Sarta photography. Jeung cita cita na jabten anggota nasa. Nadya teh pobia kan sarangga. Kana katinggian. Jeung pobia nempo darah. Golongan darah Anjeunna O.

Pangalaman si Nadya  kantos ngiring olimpiade IPA setingkat dayeuh Bukittingi Wanci kelas 5 sd. Anjeunna ge kantos ngiring ekskul Basket. 2 kali juarana ge wanci SMP.

Geus sakitu waé Biografi rerencangan caket abdi Putri Nadya. Hampunteun lamun aya basa nu teu jelas

Wassalamu'alaikum Warrahmatullahi Wabarakatuh.

Biografi Bapa

Assalamu'alaikum Warrahmatullahi Wabarakatuh

Nu kadua abdi bade kanggo biografi bapa teges abdi. Wasta bapa abdi Soleh Humaedi, bapa abdi wedal di Bogor, 17 Desember 1973. Bapa abdi anak ka 4, boga dua raka awewe jeung hiji raka lalaki, jeung boga hiji rayi.

Alhamdulillah bapa abdi ngagem agama islam. Riwayat atikanana, Bapa abdi henteu tk heula. Nanging langsung sd, sd na di Jakarta. nami sd na téh SDN 11 Jakarta
Smp na di Jakarta oge. Namina SMPN 189 kebon jeruk.
Sma na SMAN 17 Jakarta

Bapa abdi kuliah di UNIVERSITAS PAKUAN. jurusan akutansi. Enggeus éta gawe di salah sahiji pausahaan, awal jabatana Janten sales,saban warsih kalungguhan na sakapeung-sakapeung tumpak. Dugi ayeuna janten RM (Regional Manager) Salila damel bapa abdi sok di pindah - pindahkan pagawean na ka Wonosobo, Solo, Aceh,Bukittinggi, jeung Medan. Dugi ayeuna oge sering keneh pindah - pindah.

Sakitu wae biografi na.
Hapunten lamun aya anu kirang tangtos.
Sarta singget teuing.

Wassalamu'alaikum warrahmatullahi wabarakatuh

Biografi indung

Assalamu'alaikum Warrahmatullahi Wabarakatuh

Kahiji abdi bade kanggo biografi indung teges abdi. Wasta indung abdi Lina Harlina indung abdi wedal di Bogor, 6 Pebruari 1974. Anak ka 3 (tilu) ti pasangan Bapa Kaharmen jeung ibu Rukiyah. Indung abdi ngagaduhan Indung abdi gaduh 2 raka awewe ngaranna ibu Ida jeung ibu Des sarta hiji adi laki-laki. Ngaranna om buyung.

Alhamdulillah Indung abdi ngagem agama Islam. riwayat atikanana, tk na d TK Tunas Muda, Sd na di SDN Semeru 1. Smp di SMPN 4 Bogor. Sma na di SMEA YKTB Bogor.

Pangalaman indung abdi gawe janten kasir di salah sahiji toko salami tilu taun. Indung abdi ge kantos Udur salila sabulan langkung. Ahirna kapaksa eureun pagawean.

Kiwari Pagawean Indung abdi nyaeta Ibu rumah Tangga. Indung abdi ngagaduh tilu anak.

Sakitu wae biografi indung abdi. Hapunten lamun Hapunten basa singget teuing.

Assalamu'alaikum warrahmatullahi wabarakatuh.

Selasa, 01 September 2015

Pangalaman pribadi

Pengalaman abdi nu ngabubungaheun sareung pikarunyaeun nyaeta waktos abdi sareung rerencangan indit ka INI TALKSHOW di salah sahiji stasiun tv, kaping 20 mei 2015.

Indit ka ditu na beurang jam 12, saeunggeus solat zuhur naek bes nu geus di sewa ku kelas abdi. Perjalanana 2 jam leuwih, sabab macet. Geus nepi di Jakarta na abdi sareung rerencangan tuang heula. Saeunggeus eta balik deui ka bes. Ngalanjutkeun perjalanana nyari alamat ka gedung initalkshow. Geus  muter-muter kamana mana  eta teh, nepi ngabeakan waktos. Eeehh.... akhirna manggihan tah nu namina gedung Initalkshow teh. Kira-kira tabuh 5 an abdi sareng rerencangan nepi kaditu na. Upami mimiti acarana teh tabuh 7. Abdi sareng rerencangan d titah nanggoan d harepeun gedung. Meuni lila nanggoan na teh. Sabagia rerencangan abdi malah poto-poto. Tapi abdi mah diuk sabari icing.

Waktos geus nuduhkeu. Tabuh sarengah 7. Abdi sareng rerencangan teh dititah baris. Geus kitu asup. Asup ka gedung na ge mani rapih.

Pas geus di jero. Abdi reuwas. Upami mani geus loba pisan ku jalma jalma, abdi sareung rerencangan teh bibgung. Arek diuk dimana ieu. Ningali teu aya korsi nu kasisa. Pas arék neangan lewat tanggana.. Ehh. Malah di titah diuk dina tangga. Euh eta mah nyeri hate pisan. Geua jauh jauh ti Bogor. Eeh teu sih. Aya nu leuwih jauh ti Bali. Mahasiswa eta teh. Tetus ata polisi oge.

Meureun sabab abdi sareung rerencangan téh masih kénéh SMP meueeun, mangkana kudu ngalah. Diuk n mani beda jeung korsi. Dina korsi mah empuk. Lah iyeu di tangga, teu ngenaheun . Mangkaning kahalangan ku tembok feui. Jadina hawar hawar ningali pambawa acarana jeung bintang tamuna. Tapi abdi nyukurkeun tiasa ka INI TALKSHOW teh.

Catatan Harian

Salasa, 25 Agustus 2015 (1)

Poé salasa 25 agustus 2015, aya ulangan ekonomi sareung matematika. Abdi balajar, tapi ngan saeutik. Geus we isina anu nu bisa. Tapi pas matematika.. heuuh éta soalna, mani hésé geus yakin abdi pasti remed iyeu mah.

Rebo, 26 Agustus 2015 (2)
Dinten iyeu aya pelajaran agama ngapalkeun surat al-mu'minun ayat 12-14. Alhamdulillah abdi tiasa ngapalkeun.

Kamis, 27 Agustus 2015 (3)
Poé kemis aya palajaran sosiologi, tilu  atawa opat urang kudu maju ka payun ngapresentasikeun bab nu dipilih ku masing- masing urang. Ngan dua urang anu kenging ka payun. Sieun abdi di calukan ngapresentasikeun ayeuna. Mangkaning ncan apal bener materi na. Tapi untung lain abdi nu di calukan ngadamel presentasi.

Jum'at, 28 Agustus 2015 (4)
Ayeuna bade di umumkeun hasil ulangan matematika, abdi keuheul nilai abdi mani jeblok di bawah kkm.

Sabtu, 29 Agustus 2015(5)
Ayeuna teu kamana-mana, ngan cicing di imah, teu aya kagitan.

Minggu, 30 Agustus 2015 (6)
Poé ieu aya acara kaluarga, aya sodara abdi nu teupang taun. Tapi ngan ngumpul ngumpul sakaluarga hungkul. Tapi abdi reuseup.

Senin, 31 Agustus 2015 (7)
Laptop abdi ruksak!! Kakarak eungéh aya tugas basa sunda ngajieun catatan poéan. Di cubi di hp teu bisa bisa!!!!...