Selasa, 01 September 2015

Catatan Harian

Salasa, 25 Agustus 2015 (1)

Poé salasa 25 agustus 2015, aya ulangan ekonomi sareung matematika. Abdi balajar, tapi ngan saeutik. Geus we isina anu nu bisa. Tapi pas matematika.. heuuh éta soalna, mani hésé geus yakin abdi pasti remed iyeu mah.

Rebo, 26 Agustus 2015 (2)
Dinten iyeu aya pelajaran agama ngapalkeun surat al-mu'minun ayat 12-14. Alhamdulillah abdi tiasa ngapalkeun.

Kamis, 27 Agustus 2015 (3)
Poé kemis aya palajaran sosiologi, tilu  atawa opat urang kudu maju ka payun ngapresentasikeun bab nu dipilih ku masing- masing urang. Ngan dua urang anu kenging ka payun. Sieun abdi di calukan ngapresentasikeun ayeuna. Mangkaning ncan apal bener materi na. Tapi untung lain abdi nu di calukan ngadamel presentasi.

Jum'at, 28 Agustus 2015 (4)
Ayeuna bade di umumkeun hasil ulangan matematika, abdi keuheul nilai abdi mani jeblok di bawah kkm.

Sabtu, 29 Agustus 2015(5)
Ayeuna teu kamana-mana, ngan cicing di imah, teu aya kagitan.

Minggu, 30 Agustus 2015 (6)
Poé ieu aya acara kaluarga, aya sodara abdi nu teupang taun. Tapi ngan ngumpul ngumpul sakaluarga hungkul. Tapi abdi reuseup.

Senin, 31 Agustus 2015 (7)
Laptop abdi ruksak!! Kakarak eungéh aya tugas basa sunda ngajieun catatan poéan. Di cubi di hp teu bisa bisa!!!!...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar