Pengalaman abdi nu ngabubungaheun sareung pikarunyaeun nyaeta waktos abdi sareung rerencangan indit ka INI TALKSHOW di salah sahiji stasiun tv, kaping 20 mei 2015.
Indit ka ditu na beurang jam 12, saeunggeus solat zuhur naek bes nu geus di sewa ku kelas abdi. Perjalanana 2 jam leuwih, sabab macet. Geus nepi di Jakarta na abdi sareung rerencangan tuang heula. Saeunggeus eta balik deui ka bes. Ngalanjutkeun perjalanana nyari alamat ka gedung initalkshow. Geus muter-muter kamana mana eta teh, nepi ngabeakan waktos. Eeehh.... akhirna manggihan tah nu namina gedung Initalkshow teh. Kira-kira tabuh 5 an abdi sareng rerencangan nepi kaditu na. Upami mimiti acarana teh tabuh 7. Abdi sareng rerencangan d titah nanggoan d harepeun gedung. Meuni lila nanggoan na teh. Sabagia rerencangan abdi malah poto-poto. Tapi abdi mah diuk sabari icing.
Waktos geus nuduhkeu. Tabuh sarengah 7. Abdi sareng rerencangan teh dititah baris. Geus kitu asup. Asup ka gedung na ge mani rapih.
Pas geus di jero. Abdi reuwas. Upami mani geus loba pisan ku jalma jalma, abdi sareung rerencangan teh bibgung. Arek diuk dimana ieu. Ningali teu aya korsi nu kasisa. Pas arék neangan lewat tanggana.. Ehh. Malah di titah diuk dina tangga. Euh eta mah nyeri hate pisan. Geua jauh jauh ti Bogor. Eeh teu sih. Aya nu leuwih jauh ti Bali. Mahasiswa eta teh. Tetus ata polisi oge.
Meureun sabab abdi sareung rerencangan téh masih kénéh SMP meueeun, mangkana kudu ngalah. Diuk n mani beda jeung korsi. Dina korsi mah empuk. Lah iyeu di tangga, teu ngenaheun . Mangkaning kahalangan ku tembok feui. Jadina hawar hawar ningali pambawa acarana jeung bintang tamuna. Tapi abdi nyukurkeun tiasa ka INI TALKSHOW teh.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar